Wednesday, February 27, 2013

Makalah Carita Pondok


CARITA PONDOK



MAKALAH


Diajukan untuk Memenuhi Salah Satu Tugas dari Mata Kuliah Bahasa dan Sastra Sunda Pada Program Studi Pendidikan Kewarganegaraan
                       Dosen    : Dr Hj Iis Ristiyani  M. Pd




 Disusun Oleh :
          Nama          : Lan Lan Risdiana
          NPM           : 01020201080192


PROGRAM STUDI PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN
FAKULTAS KEGURUAN DAN ILMU PENDIDIKAN
UNIVERSITAS SURYAKANCANA
CIANJUR
2011


BAB I
BUBUKA


1.1         Kasang Tukang
         Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba.
         Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930.
         Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian.

1.2         Tujuan Panyusunan
1.       Pikeun nyumponan salah sahiji pancen ti mata kuliah sastra sunda.
2.       Ngajelaskeun wangenan, unsur-unsur intrinsik sareng sumebarna carita pondok sangkan sadayana anu maca ieu makalah terang ngenaan karya sastra sunda ngenaan carita pondok


 
BAB II
PEDARAN CARITA PONDOK


2.1         Wangenan Carita Pondok
         Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba. Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian. Dongéng mangrupa hasil sastra béh ditu, sedengkeun carpon mangrupa hasil sastra béh dieu. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna.
         Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jen

2.2    Unsur-Unsur Intrinsik Carita Pondok
         Unsur intrinsik nyaéta unsur-unsur nu aya di sajeroning carpon saperti téma, latar, alur, jeung penokohan.
1.       Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita
2.       Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nyaéta tempat-tempat nu aya jeung dicaritakeun dina carita, sedengkeun latar waktu nyaéta waktu lumangsungna kajadian nu aya dina carita.
3.       Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur, jeung alur mobok tengah atawa campuran, hiji carita ngabogaan alur maju mun caritaanana ngaguluyur ti awal nepi ka ahir. Alur mundur mun caritaanana dimimitian nyaritakeun nu geus kajadian jadi nu dicaritakeunana ti ahir ka awal. Sedengkeun alur campuran mah campur-campur bisa ditengah heula terus ka awal atawa ka ahir.
4.       Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh utama jeung tokoh tambahan. Tokoh utama nyaéta tokoh nu sering dicaritakeun atawa sering muncul dina caritaan sedengkeun tokoh tambahan mah dicartitakeun ngan sakilas-sakilas.

2.3    Sumebarna Carita Pondok
         Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok nu mimiti dina sastra Indonesia, nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. Ngaran nu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, G.S. Ceuk R. Ero Bratakusumah, GS téh mangrupa ngaran samaran tina G. Suwandakusuma nu kungsi jadi wadana. Sedengkeun ceuk M.A. Salmun mah G. Sastradireja.
         Karangan wangun carpon umumna hirupna téh ku ayana majalah jeung kalawatra, lantaran dimuatna dina éta media. Pikeun ngamalirkeun karangannana, urang Sunda ngadegkeun majalah Papaés Nonoman (1915), Padjadjaran (1981), Volksalmanak Sunda (1919), Pusaka Sunda (1923), jeung Sipatahunan (1923) nu engkéna jadi surat kabar Parahiangan (1929), Panghegar (1952).
         Sabada Indonesia merdeka mimiti harirup majalah-majalah jeung kalawatra anyar, di antarana:
1.       Warga ( Bogor, 1951);
2.       Sunda (Bandung, 1952);
3.       Candra ( Bogor, 1954). Nomer munggaran medal bulan Mei 1954. Dihandapeun ngaranna ditulis “Majalah Bulanan Roman Sunda Populer”. Tapi nu dimaksud roman di dieu mah carita pondok, lain novel. Pangasuhna dicekel ku S. Eeng Natadipura, sedengkeun rédaksina diaping ku M.A.Salmun.
4.       Kujang (Bandung, 1956);
5.       Manglé (Bogor, 1957);
6.       Kiwari (Jakarta, 1957);
7.       Sari (Bandung, 1963);
8.       Langensari (Bandung, 1963);
9.       Sangkuriang (Bandung, 1964);
10.   Baranangsiang (Bogor, 1964). Diadegkeun ku Yayasan Kebudayaan;
11.   Campaka (Bandung, 1965) ku Yayasan Campaka. Tumpur dina taun 1967;
12.   Mingguan Sunda (Bandung, 1966);
13.   Kutawaringin (1966) majalah bulanan nu diterbitkeun di Subang;
14.   Wangsit nu diterbitkeun di Bandung dina bulan Ferbruari 1966 ku Yayasan Bakti Haruman;
15.   Hanjuang (1971);
16.   Gondéwa (1972);
17.   Giwangkara (1973);
18.   Galura (1947);
19.   Cupumanik (2003); jst.
         Dina usum perang mah langka jalma nu miroséa sastra. Sabada suasana karasa aman deui, réa pangarang nu nulis deui carita pondok. Karanganana, salian ti digelar dina majalah-majalah, aya ogé kumpulan carita pondok nu medal, di antarana:
1.       Carita Biasa karangan R.A.F (Balé Pustaka, 1959). Kaldelna 119 kaca.
2.       Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (Balé Pustaka, 1960), kandelna 64 kaca.
3.       Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (Balé Pustaka, 1960) kandelna 76 kaca.
4.       Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan R.A.F (Taraté, 1961).
5.       Néangan karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 104 kaca.
6.       Jurig karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 88 kaca.
7.       Béja Ti Maranéhna karangan Ki Umbara (Pusaka Sunda, 1964).
8.       Parawan karangan Yus Rusamsi (Pusaka Sunda, 1964).
9.       Tamiang Meulit ka Bitis karangan Ermas, sandiasma R.Rachmat Marta Adi Subrata (Pusaka Sunda, 1965).
10.   Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (Pusaka Sunda, 1965).
11.   Teu Tulus Paéh Nundutan karangan ki Umbara (Pusaka Sunda, 1965).
12.   Diwadalkeun ka Siluman karangan Ki Umbara (Kiwari, 1965) kandelna 80 kaca.
13.   Paséa karangan Tini Kartini, diterbitkeun ku Cupumanik dina taun 1965.
14.   Heuay karangan Eddy D. Iskandar, diterbitkeun taun 1980.
15.   Nu Teu Kungsi Kalisankeun karangan Abdullah Mustapa, diterbitkeun taun 1981.
16.   Nu Tepung di Imah Dukun karangan I.Asikin, diterbitkeun taun 1983.
17.   Nyi Karsih karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1984.
18.   Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985.
19.   Jajten Ninggang Papastén karnagan Yus Rusyana, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1988.
20.   Halimun Peuting karangan Iskandarwassid, diterbitkeun ku rahmat cijulang taun 1989.
21.   Jiad Ajengan (Usep romli HM, 1991).\
22.   Panggung Wayang karangan Aam Amilia, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1992.
23.   Ceurik Santri (Usep Romli, Rahmat Cijulang, 1985, 1991)
24.   Mirah Dalima karangan Kis Ws, diterbitkeun ku Girimukti Pasaka taun 1992.
25.   Serat Sarwa Satwa 9Godi Suwarna, Geger Sunten, 1995).
26.   Awéwé Dulang Tinandé (Caraka).
27.   40 Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.
28.   Oknum karangan Hadi AKS, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.
29.   Nu Harayang Dihargaan karangan Darpan Ariawinangun, taun 1998.
30.   Pantun Pangrajah (Usman Supéndi, 2002).
31.   Anak Jadah (Cecep Burdansyah).
32.   Astrajingga Gugat (Oom Sumara de Uci).
33.   Koruptor (Oom Somara de uci, 2002).
34.   Anaking Jimat Awaking (Wahyu Wibisana).
35.   Babu Kajajadén (Syarif Amin).
36.   Lalakon Bingbang (Dian Hendrayana).
37.   Paséa jeungg Nyi Karsih (Tini Kartini, 2003, KBU).
38.   Ajalna Sang Béntang Film (Duduh Durahman, 2004, KBU).
         Salian ti kumpulan carita pondok karangan hiji pangarang, aya ogé kumpulan carita pondok nu mangrupa antologi, di antarana:
1.       Kanjutkundang dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun 1963.
2.       Anting Pérak nu diterbitkeun ku Sargani Bandung, taun 1966.
3.       Carécét Sulam diterbitkeun ku Sargani taun 1966.
4.       Demi pasukan diterbitkeun ku Sargani taun 1966.
5.       Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa, Duduh Durahman, jeung Karno Kartadibrata, diterbitkeun ku Manglé taun 1983.
6.       Petingan dikumpulkeun jeung disawang ku Duduh Durahman, diterbitkeun ku Manglé taun 1984.
7.       Guriang Tujuh dikumpulkeun ku Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, jeung Rachmat M. Sas Karana, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1984.
8.       Ti Pulpén Tepi ka Pajaratan Cinta (antalogi carpon mini, 2002).
9.       Kanagan, kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana (Geger Sunten, 2003).
10.   Campaka Mangkak (PPSS, Kiblat Buku Utama, 2003).
11.   Heulang Nu Ngajak Béngbat (PPSS, KBU, 2004).

2.4         Conto Carita Pondok
Di Rumah Sakit
Karya: Yan Kusdianto
Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah disangka meujeuhna indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa parias. Nu sasarina dihuapan ku indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan, ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur. Dicekokan ku ubar warung téh, weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér jigana budak téh, da sok dibarung jeung utah-utahan sagala.
“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus kapaciritan.
“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.
Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah sakit, jadi bruder bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir Kuda, lembur nyingkur jauh mela-melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri, nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti anatomi. Meunang dua taun, tuluy diangkat jadi asistén dokter.
Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya pengobatan mah kumaha engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru – biaya ngubaran téh waragadna tina asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih, éstuning kajurung ku kanyaah wé indung bapana mah, sasat budak hiji-hijina.
Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas peuting indit ti imah. Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan nyaah ka budak. Kapan biasana ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu bébélaan ka kolot. Aya ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.
Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui. “Karunya budak téh, keur mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.” Kang Jaja ngarahuh, jakétna dirungkupkeun kana sirah budak.
Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun waé. Haneuteun ku nu gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua urang nu jaga nukangan,. Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng ngorék komputer, nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana mah. Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh ubar; ubar jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.
Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy ngalayanan bari semu nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua kamar nomer lima; kamar husus pasén barudak.
Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa. Ngaluarkeun stetoskop, tuluy diantelkeun kana harigu budak.
“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi Ihat nu kaweur naker.
Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah jeung bérak. Geus disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep meueusan, tuluy reup.
Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu ngeusina budak satepak hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan paling loba ku duaan, cék palaturan mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia, palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak ngajeblag dina témbok ogé, éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika sabondoroyot diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.
“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.
“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja pinuh kadeudeuh.
“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur taki-taki.
Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak samata wayang, diparengkeun ririwit waé. Tara parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék ayeuna katerap panyakit nu rada pikahariwangeun téh.
“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun nanya.
“Saurna mah muntabér.”
“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna diopnameu téh.
“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.
“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah kapas kénéh, turug-turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah langganan kitu?”
“Komo murangkalih abdi mah Pa.” Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong. “Murangkalih abdi mah, meus-meus tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo askés, nya? Atuh raos, abdi mah teu kénging diskon-diskon acan.”
“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah ku nu patén waé.” Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.
Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun jeung nu dipeuntas Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan. Beuki dieu beuki raéng, sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja nyambat budakna bari semu handeudeul. Teu lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas méncrét waé jigana mah, da bangun nu leuleus naker katempona.
Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang Jaja tuluy kaluar ti rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék ménta dipindahkeun. Geus ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si Adun téh. Kabeneran Adun karék kaluar ti rohang operasi.
“Dun!” Kang Jaja ngageroan.
“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu reuwas.
“Si Uji ieu téh, gering!”
“Gering naon kitu?”
”Muntabér.”
“Dimana dirawatna?”
“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun waé ka Kelas hiji mun bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan manéh. Tulungan atuh lah!”
“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy gura-giru nguruskeun. Meunang sapuluh menit, jol deui.
“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.
“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir tandatangankeuneun.
”VIP?”
“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék mindahkeun budak.
“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak téh teu bisa saré waé. Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna téh teu pararuguh.”
Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan. Tumaninah ayeuna mah, jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV, Kamar cai balersih, Full AC deuih. Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari mencét bél, teu burung suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari imut, manis pisan.
Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa dipungkir. Budak téh teu dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun ogé. Cageur henteu, parna teuing henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang Jaja. Geus aya samingguna kaya kieu téh.
Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu. Béakna mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar buah nginum susu téh, der kalah beuki muncrut.
Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh lalaki, umurna sapantaran jeung nu ngalempréh.
“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”
“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka bisa diperenahkeun di dieu.”
“Sadintenna séép sabaraha kitu?”
“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati gogodeg.
“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling. “Tuh! TV aya, kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka budakna.
“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.” Cék budak bari ngajéjéwang daster indungna.

BAB III
PANUTUP


3.1         Pamungkas
         Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930.
         Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap.
         Unsur intrinsik nu aya di sajeroning carpon saperti téma, latar, alur, jeung penokohan.
1.       Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita
2.       Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat jeung latar waktu.
3.       Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur, jeung alur mobok tengah atawa campuran Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh utama jeung tokoh tambahan.

3.2         Saran
         Kasadayna urang sunda ti ayeuna hayu urang sadayana mikawanoh kana sadayana kasusastraan sunda hususna ngenaan carita pondok, sangkan ieu carita pondok teh tiasa lestari tur di pikawanoh ku sadayana urang sunda ti budak, ramaja nepika kolot.

 

DAPTAR PUSTAKA


Ristiani Iis. S. Pd. M.Pd. Pengantar Materi Basa dan Sastra sunda I. Cianjur. FKIP UNSUR Cianjur.