NOVEL SUNDA
Makalah
Disusun
Pikeun Nyumponan Salah Sahiji Pancen ti Pangajaran Sastra Sunda
Dosen : Dr. H. Iis Ristianai M. Pd
Disusun
ku:
Nami : LanLan Risdiana
NPM : 01020201080192
Tingkat : III A PKn
PROGRAM STUDI
PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN
FAKULTAS
KEGURUAN DAN PENDIDIKAN
UNIVERSITAS
SURYAKANCANA
CIANJUR
2010
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang
Tukang
Novel teh salah sahiji wangun karya
sastra anu ditulisna dina basa lancaran. Novel oge kaasup wangun karya sastra
anu miboga wangun carita anu panjang. Wangun carita novel leuwih panjang ti
carita panjang (long short-story) komo carita pondok mah. Biasana basa ugeran
dipake pikeun pamuka carita atawa pikeun ngebrehkeun hal-hal anu dianggap
penting jeung istimewa.
Novel munggaran dina kasustraan sunda
medalna dina taun 1914, mun di bandingkeun jeung novel dina sastra Indonesia,
tetela novel dina sastra sunda teh leuwih ti heula aya. Buktina novel munggaran
dina sastra Indonesia nyaeta novel azab jeung sangsara karangan Merari Siregar
medal dina taun 1920, genep taun sapandeurieun medalna baruang kanu ngarora.
Sakapeung
istilah novel jeung roman dina sastra Sunda téh sok matak ngabingungkeun,
saolah-olah dina sastra Sunda aya karangan nu disebut novel jeung aya karangan
nu disebut roman. Hal ieu téh lain dina sastra Sunda waé, tapi ogé dina sastra
Indonesia. Sakapeung ieu dua istilah téh sok nimbulkeun pabeulit harti. Ieu dya
istilah téh kabéh ogé asalna ti nagri deungeun, nya éta Inggris. Istilah roman
téh aya bédana. Éta hal ditétélakeun ku Clara Reeve dina Rene Wellek jeung
Austin Warren.
Dumasar
kana katerangan diluhur, nu ngabédakeun roman jeung novel téh nya éta novel mah
ngagambarkeun kahirupan manusa sapopoé nu eusina (caritaan) leuwih réalistis,
ari roman mah ngagambarkeun kajadian ahéng tur luar biasa, jeung dina eusina
leubeut ku hal-hal nu sifatna imajinatif.
Dina
sastra Sunda jeung sastra Indonesia mah istilah novel jeung roman téh dianggap
sarua. Ieu hal saluyu jeung pamadegan jakob Sumardjo (1991:2) nu nétélakeun yén
novel jeung roman téh saenyana mah éta-éta kénéh. Patali jeung hal nu kasebut
diluhur, najan hartina sarua istilah nu rék dipilih téh novél. Hal ieu téh
sangkan teu timbul pabeulit harti.
1.2 Tujuan
Panyusunan
a. Diajeungkeun pikeun nyumponan salah
sahiji pancen ti mata kuliah Sastra Sunda dina semester 5 jurusan Pendidikan
Kewarganegaraan
b. Nambahan wawasan ngenaan karya
sastra novel anu geus munggaran dina kasustraan sunda dinta taun 1914
c. Medarkeun wangenan, papasingan,
sumebarna jeung contona karya sastra novel.
d. Bisa mikawanoh jeung weruh kana
kasustraan sunda anu hususna ngenaan novel
1.3 Rumusan Masalah
a. Naon
ari wangenan novel?
b. Kumaha
sumebarna novel dina kasustraan sunda?
c. Kumaha
papasingan novel teh?
d. Kumaha
Contona karya sastra novel?
1.4
Mangpaat
Panulisan
Ieu panulisan
makalah dipiharep bisa méré mangpaat, nyaeta sankeun nu maca, bisa nambahan
pangaweruh ngeunaan karya sastra sunda novel.
BAB II
PEDARAN NOVEL
2.1 Wangenan
Novel
Kecap
Novel asalna tina basa latén. Asal kecapna nyaéta novus nu hartina anyar, robah
jadi novellus, tuluy robah deui jadi novel. Pangna disebut anyar lantaran dina
kasusastraan Barat wangun novel leuwih pandeuri ayana batan wangun roman
(Sumarsono, 1996:2).
Novel oge kaasup wangun karya sastra
anu miboga wangun carita anu panjang. Wangun carita novel leuwih panjang ti
carita panjang (long short-story) komo carita pondok mah. Biasana basa ugeran
dipake pikeun pamuka carita atawa pikeun ngebrehkeun hal-hal anu dianggap
penting jeung istimewa.
Sangkan écés ieu dihandap aya sababaraha pamadegan ngeunaan
novél upamana:
a. Iskandarwassid (1992: 91) nyebutkeun
novel nya éta prosés rékaan (fiksi) nu naratif (ngawuhud lalakon) umumna
panjang sarta galur caritana atawa plot na kompleks (ngaran cabang).
b. Jakob Sumardjo jeung Saini K.M.
(1996: 29) nyebutkeun:
“ Dalam arti yang luas novel adalah cerita berbentuk prosa dalam arti yang luas. Ukuran yang luas disini dapat berarti cerita dengan plot (alur) yang kompleks, karakter yang banyak, tema ynag kompleks, dan suasana yang beragam pula. Namun ukuran yang luas disini juga tidak mutlak demikian, mungkin ukuran yang luas hanya salah satu ansur fisiknya saja, misalnya temanya, sedang karakter, setting, dan lain-lainya hanya satu saja.
“ Dalam arti yang luas novel adalah cerita berbentuk prosa dalam arti yang luas. Ukuran yang luas disini dapat berarti cerita dengan plot (alur) yang kompleks, karakter yang banyak, tema ynag kompleks, dan suasana yang beragam pula. Namun ukuran yang luas disini juga tidak mutlak demikian, mungkin ukuran yang luas hanya salah satu ansur fisiknya saja, misalnya temanya, sedang karakter, setting, dan lain-lainya hanya satu saja.
c. Tatang Sumarsono (1986: 63)
nyebutkeun novel téh nya éta karangan fiksi anu ngagambarkeun kahirupan manusa
sapopoé jalan caritana, loba bagian bagianna tapi angger gumulung dina hiji
leunjeuran, dina eusi caritana digambarjeun watek para palaku, suasan, waktu,
jeung tempat lumangsungna kajadian (carita).
d. Taufik Faturrahman (1983: 49)
nyebutkeun novel nyaéta carita rékaan anu panjang, ditulisna dina basa
lancaran, eusina ngagambarkeun kahirupan manusa anu lumangsung dina waktu jeung
tempat anu dumuk.
e. Jakob Sumardjo (1981: 22) nyebutkeun
yén novel téh diwengku ku ayan hiji carita poko sarta ditambah ayan sababaraha
carita panglengkep, palakuna loba, ogé loba pasualanana. Tapi gumulung dina
hiji leunjeuran.
f. Yus Rusyana (1981: 125) nyebutkeun
yén novel téh carita nu panjang dina wangun lancaran, jalan caritana loba
bagian- bagianana. Kitu deui palakuna loba. Atuh mangsa anu kacaturna ogé lila.
Dina novel mah langka aya hal anu pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat jeung
waktu kajadian téh kaayaanana bisa katarima ku akal.
g. Nurutkeun “ The American College
Dictonary” (1980: 830) nu dicutat ku Tarigan (1985:164) ditétélakeun yén “
Novel adalah suatu cerita fiktif, dalam panjang yang tertentu, yang melukiskan
para tokoh, gerak, serta adgan kehidupan nyat yang representatif dalam suatu
alur atau suatu keadaan yang agak kacau atau kusut”.
Dumasar
tina sababaraha pamadegan diluhur, katangén yén teu sakabéh unsurna novel
ngarancabang(kompleks), hal ieu katangén diluhur nurutkeun Jakob Sumaedjo jeung
Saini K.M.
Nurutkeun
Tarigan (1985: 165) biasana legana ukuran novel bisa ditilik tina jumlah
kecapna. Hiji novel biasana jumlah kecapna paling saeutik 35.000 kecap, atawa
100 kaca, atawa leuwih kurang 2 jameun upama dibaca.
2.2 Ciri – Ciri
Novel
Lamun di rincik ciri-ciri novel
miboga dalapan ciri nyaeta:
a.
Umumna
novel teh mangrupa carita rekaan
b.
Umumna
nyaritakeun kajadian kahirupan manusa sapopoe
c.
Palakuna
teh ku jalma
d.
Jumlah
palakuna leuwih ti hiji
e.
Caritana
panjang, adegan leuwih lengkep
f.
Mangsa
kacaturna lila
g.
Kaasup
kana wangun sastra modern, dina nangtukeun latar (utamana latar tempat)
salawasna aya dina lelengeran logika.
h.
Kajadian
carita na teh leuwih ti hiji kajadian tapi ngabentuk hiji carita.
Tina
ciri-ciri novel di luhur, sabeuneurna mah aya sasaruannana jeung bedana tina
novel jeung carita anu sejenna. Saperti hal na dongeng, novel jeung carita
pondok. Tiluanna sarua mangrupa carita anu ngabogaan ciri-ciri aya palaku, aya
kajadian, jeung aya tempat. Tanh anu ngabedakeunana nyaeta:
Unsur
|
Dongeng
|
Novel
|
Carita Pondok
|
Palaku
|
Sato, manusa
|
Manusa
|
Manusa
|
Kajadian
|
Teu asup akal/pamohalan
|
Leuwih ti hiji/asup akal
Pakampungan nyata: desa
|
Ngan saukur hiji kajadian
|
Tempat
|
Kayangan
|
suasana imah,statsion
|
Suasana imah.
|
2.3
Unsur
Intrinsik Novel
Unsur-unsur
anu aya di jero novel nyaeta:
a. Tema
Iskandarwassid (1992: 158) nyebutkeun anu disebut téma téh nya éta hiji tangtungan atawa hiji ageman anu sifatna abstrak, dipageuhan dian racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca, bisa jadi ku pangarang ditembrakeun (ditulis) tapi mimindengna mah implisit.
Saterusna, Aminuddin (1991: 91) nétélakuen, “Tema adalah ide yang mendasari suatu cerita sehingga berperanan juga sebagai pangkal tolak dalam memaparkan karya fiksi yang diciptakannya.”
Iskandarwassid (1992: 158) nyebutkeun anu disebut téma téh nya éta hiji tangtungan atawa hiji ageman anu sifatna abstrak, dipageuhan dian racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca, bisa jadi ku pangarang ditembrakeun (ditulis) tapi mimindengna mah implisit.
Saterusna, Aminuddin (1991: 91) nétélakuen, “Tema adalah ide yang mendasari suatu cerita sehingga berperanan juga sebagai pangkal tolak dalam memaparkan karya fiksi yang diciptakannya.”
Pangarang
dina nulis hiji karya sastra mibanda tujuan pikeun hal ka nu maca, lain ngan
ukur nyarita. Nu dicaritakeun téh bisa mangrupa pasualan kahirupan jeung
sawangan kana éta pasualan.
Téma
mangrupa unsur penting lantaran bisa nunjukkeun pasualan nu rék nepikeun ku
pangarang dina éta karyana. Tema anu dipilih bisa ngeunaan tangtungan hirup,
ajaran agama, adat istiadat, ajaran moral, jeung sajabana.
Nurutkeun William Henry Hudson (Esten, 1990: 22), téma nu hadé nya éta hiji téma kudu hiji pasualan manusa anu lega tur leleb sarta bener-bener karasa jeung ditarima salaku pasualan kamanusaan. Jadi, cindekna nu disebut téma téh nya éta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.
Nurutkeun William Henry Hudson (Esten, 1990: 22), téma nu hadé nya éta hiji téma kudu hiji pasualan manusa anu lega tur leleb sarta bener-bener karasa jeung ditarima salaku pasualan kamanusaan. Jadi, cindekna nu disebut téma téh nya éta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.
b. Latar (setting)
Latar
atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan,
lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita. Tegesna
mangrupa salah sahiji dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung
ngadeskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 1992: 75).
c. Amanat
Pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu haying ditepikeun panulis kanu maca. Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hyng ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat. Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol. Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
Pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu haying ditepikeun panulis kanu maca. Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hyng ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat. Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol. Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
d. Galur/ plot
Runtuyan
kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita
pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense. Atawa mungkin baé henteu, Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi karéngséna masalah
pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense. Atawa mungkin baé henteu, Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi karéngséna masalah
e. Palaku
Bedana
palaku anu ngalakon dina sastra buhun, palaku dina novel mah umumna manusa.
Dumasar kana ilibiungna dina lalakon, palaku dina novel teh bisa dibagi dua,
nyaeta palaku utama jeung palaku panambah. Palaku utama nyaeta anu nyekel
lalakon, sedeng palaku panambah nyaeta anu ngabantuan palaku utama. Watek
palaku anu aya dina novel teh rupa-rupa aya anu jujur, hianat, sabar, teu
kaopan, bageur jeung sajabana. Watek palaku teh sok di saluyukeun jeung tema
carita.
2.4 Papasingan
Novel
a. Novel
Barudak
Novel
barudak nyaeta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu
dicaritakeunana, masalah-masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak.
Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngarengsekeun eta masalah, luyu jeung
pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana oge barudak deuih.
Novel
barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana:
a. Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat
b. Tatang Sumarsono: Miang jeung
Kaludeung, Si Paser
c. Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok
Pari, Bima Rengkung
d. Ahmad Bakri: Nu Sengit Dipulang Asih
b. Novel Rumaja
Novel
rumaja nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui
palaku utamana oge pararumaja. Sawatara conto novel rumaja nyaeta Cinta
Pabeulit karangan Eddy D. Iskandar, Rini karangan Yoseph Iskandar, Lalangse
karangan Aam Amilia.
c. Novel Dewasa
Novel
dewasa, tangtu bae diajangkeun pikeun bacaeun anu geus dewasa (sawawa). Eusina
nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus dewasa. Kitu deui jeung palaku
utamana. Conto novel dewasa Rusiah nu Goreng Patut beunang Yuhana jeung Sukria.
Dumasar
kana temana jeung masalah anu dicaritakeunana, novel Sunda bisa dipasing-pasing
jadi:
a. Novel Silihasih
Novel
silihasih nyaeta novel anu eusina nyaritakeun cinta asmara palaku utamana.
Contona: Lain Eta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Eddy D.
Iskandar, Lalangse karangan Aam Amilia, Manehna karangan Syarif Amin.
b. Novel Kulawarga
Novel
rumah tangga nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah kulawarga palaku
utamana. Contona: Pipisahan karangan R.A.F., Puputon karangan Aam Amilia.
c. Novel Sosial
Novel
sosial nyaeta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan,
kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. SI palaku bisa jadi
mangrupa subyek, korban, atawa saksi eta kaayaan. Contona: Lembur Singkur
karangan Abdullah Mustappa.
d. Novel Misteri
Novel
misteri nyaeta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana
kabuka dina bagian ahir eta novel. Upamana bae nyaritakeun neangan palaku
rajapati atawa palaku kajahatan sejenna. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu
(Sambas jeung Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara.
e. Novel Sajarah
Novel
sajarah nyaeta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku
utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah. Contona: Pangeran Kornel jeung
Mantri Jero karangan R. Memed Sastrahadiprawira.
f. Novel Jiwa
Novel
jiwa nyaeta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku
utamana. Contona: Arca beunang Ningtun Julaeha.
2.5 Sejarah jeung Kamekaran
Novel Sunda
Novel
munggaran dina kasustraan sunda nyaeta baruang Kanu Ngarora karangan daeng
Kanduruan Ardiwinata. Ieu novel teh medal dina taun 1914.
Mun
dibandingkeung jeung novel dina sastra iindonesia, tetela novel dina sastra
sunda leuwih ti baheula aya. Buktina novel munggaran dina sastra indonesia
nyaeta Azab jeung Sangsara karangan Merari Siregar medal dina taun 1920, genep
taun sapandeurieun medalna Baruang Kanu Ngarora.
Penerbit
anu medalkeun novel-novel sunda nyaeta Bale Pustaka. Salian ti Bale Pustaka
masih aya sababaraha penerbit partikulir anu sok medalkeun novel-novel sunda.
Upamana wae penerbit Dahlan Bektie jeung Kusradie. Pangarang anu novel-novelna
mindeng ditterbitkeun ku penerbit partikulir dina taun 1930-an nyaeta Yuhana.
Para
pangarang novel sunda dina entragan taun 1920-an nepi ka taun 1940-an
diantarana wae Daeng Kanduruan Ardiwinata, R. Memed Sastrahadiprawira. Mohamad
Ambri, margasulaksana, Sambbas, Susangka,jeung nu sejenna.
Sanggeus
dina sastra sunda aya majalah jeung surat kabar, novel-novel sunda teh loba anu
dipidangkeun mangrupa carita nyambung. Nepi ka kiwari geuns ratusan novel sunda
anu terbit mangrupa buku. Diantarana wae Mantri Jero jeung Pangeran Kornel
karangan R. Memed Sastrahadiprawira. Lain eta, Numbuk di Sue, Ngawadalakeun
Nyawa, Budak Siluman jeung Pependeuman Nabi Sulaiman (sadura) karangan Mohamad
Ambri, jeung rea-rea deui.
2.6 Conto Novel
Ringkesan carita novel Si Paser
Rencana Papisah
Eson
teh anak patani anu ngebon di suku Gunung Manglayang. Hiji waktu aya hiji anak
mencek asup ka kebonna, lantaran di beberikti leuweung ku anjing pamoroan. Eta
anak mencek teh tigebrus kana lombang, atuh ku Eson kadua bapana bisa di tewak.
Eta anak mencek teh tuluy diingu ku eson.
Dingaranan si Paser, lantaran luncatna tarik pisan, diibaratkeun paser nu
ngabelesat tina sumpit. Eson tulaten pisanngurusna teh. Beuki lila Si Paser
beuki gede, ngaluncatna oge beuki luhur. Malah hiji waktu mah Si Paser bisaeun
kabur, sanggeus ngaluncatan paggeur buruan. Untungna bisa katewak deui ku Eson,
bubuhan geus lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pageur buruan teh ku Eson
dijangkunggan.
Hiji waktu bapana Eson kadatangan juru
tulis desa. Maksudna rek ngolongan sangkan Eson ngaleupaskeun deui mencek
inguannana ka leuweung, sabab eta sato teh kaasup anu di tangtayungan ku
pamarentah. Puguh deui Eson teu panujueun da geus nya’aheun pisan ka Si Paser
teh. Ngan lantaran hanteum di olo ku bapana, ahirna daekeun ngaleupaskeun deui
Si Paser. Eta menceuk di bawa ka leuweung, di leupaskeun. Eson kagaringan. Tilu
poe ti harita, Si Paser teh balik deui.
Ahirna
mencek teh di pasrahkeun minangka hadiah ka kebon binatang. Eson henteu ngarasa
teuing kaleungitan da unggal waktu manehna bisa ngalongokan sato kameumeutna.
BAB III
PANUTUP
3.1 Pamungkas
Kecap
Novel asalna tina basa latén. Asal kecapna nyaéta novus nu hartina anyar, robah
jadi novellus, tuluy robah deui jadi novel. Novel oge kaasup wangun
karya sastra anu miboga wangun carita anu panjang. Wangun carita novel leuwih
panjang ti carita panjang (long short-story) komo carita pondok mah.
Novel munggaran dina kasustraan sunda
nyaeta baruang Kanu Ngarora karangan daeng Kanduruan Ardiwinata. Ieu novel teh
medal dina taun 1914. Mun dibandingkeung jeung novel dina sastra iindonesia,
tetela novel dina sastra sunda leuwih ti baheula aya. Buktina novel munggaran
dina sastra indonesia nyaeta Azab jeung Sangsara karangan Merari Siregar medal
dina taun 1920, genep taun sapandeurieun medalna Baruang Kanu Ngarora.
Lamun
di rincik ciri-ciri novel miboga dalapan ciri nyaeta:
a.
Umumna
novel teh mangrupa carita rekaan
b.
Umumna
nyaritakeun kajadian kahirupan manusa sapopoe
c.
Palakuna
teh ku jalma
d.
Jumlah
palakuna leuwih ti hiji
e.
Caritana
panjang, adegan leuwih lengkep
f.
Mangsa
kacaturna lila
g.
Kaasup
kana wangun sastra modern, dina nangtukeun latar (utamana latar tempat)
salawasna aya dina lelengeran logika.
h.
Kajadian
carita na teh leuwih ti hiji kajadian tapi ngabentuk hiji carita.
Novel
di pasing-pasing kana sababaraha bagian, nyaeta:
a. Novel barudak, nyaeta novel anu diajangkeun
pikeun bacaeun barudak.
b. Novel remaja, nyaeta novel anu
eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja.
c. Novel dewasa. Eusina nyaritakeun
masalah-masalah jalma anu geus dewasa.
Dumasar
kana temana jeung masalah anu dicaritakeunana, novel Sunda bisa dipasing-pasing
jadi:
a. Novel silihasih, nyaeta novel anu
eusina nyaritakeun cinta asmara palaku utamana.
b. Novel kulawarga, nyaeta novel anu
eusina nyaritakeun masalah kulawarga palaku utamana.
c. Novel sosial, nyaeta novel anu eusina
nyoko kana masalah sosial.
d. Novel misteri, nyaeta anu eusina
nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir
eta novel.
e. Novel sajarah, nyaeta novel anu
eusina ngandung unsur-unsur sajarah.
f. Novel jiwa, nyaeta novel anu eusina
nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana.
3.2 Saran
Urang
sadayana salaku urang sunda kedah ngamumule kasustraan sunda. Salah sahijina
ngalestarikan sastra sunda ngenaan novel anu medal dina taun 1914.
DAFTAR PUSTAKA
No comments:
Post a Comment