CARITA PONDOK
MAKALAH
Diajukan untuk
Memenuhi Salah Satu Tugas dari Mata Kuliah Bahasa dan Sastra Sunda Pada
Program Studi Pendidikan Kewarganegaraan
Dosen :
Dr Hj Iis Ristiyani M. Pd
Disusun Oleh :
Nama : Lan Lan Risdiana
NPM : 01020201080192
PROGRAM STUDI
PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN
FAKULTAS KEGURUAN DAN ILMU PENDIDIKAN
UNIVERSITAS SURYAKANCANA
CIANJUR
2011
BAB I
BUBUKA
1.1
Kasang Tukang
Carita
pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur
ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok,
caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba.
Carita
pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992).
Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal
(1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon.
Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon
anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun
1930.
Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh
dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina
dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita
pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat,
waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian.
1.2
Tujuan Panyusunan
1. Pikeun nyumponan salah sahiji pancen ti mata
kuliah sastra sunda.
2. Ngajelaskeun wangenan, unsur-unsur intrinsik
sareng sumebarna carita pondok sangkan sadayana anu maca ieu makalah terang
ngenaan karya sastra sunda ngenaan carita pondok
BAB II
PEDARAN CARITA PONDOK
2.1
Wangenan Carita Pondok
Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita:
carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun
saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya
kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran
pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba.
Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita
pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya
babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina
kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian
jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian. Dongéng mangrupa hasil sastra béh
ditu, sedengkeun carpon mangrupa hasil sastra béh dieu. Cara nyebarna dongéng
mah umumna ku lisan, ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan
dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari
carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna.
Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana
dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas novella (dina pengertian modern) sarta novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok
hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas inohong, plot, téma, basa sarta insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung
fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jen
2.2 Unsur-Unsur Intrinsik Carita Pondok
Unsur intrinsik nyaéta unsur-unsur nu aya di sajeroning
carpon saperti téma, latar, alur, jeung penokohan.
1. Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita
2. Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat
jeung latar waktu. Latar tempat nyaéta tempat-tempat nu aya jeung dicaritakeun
dina carita, sedengkeun latar waktu nyaéta waktu lumangsungna kajadian nu aya
dina carita.
3. Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur,
jeung alur mobok tengah atawa campuran, hiji carita ngabogaan alur maju mun
caritaanana ngaguluyur ti awal nepi ka ahir. Alur mundur mun caritaanana
dimimitian nyaritakeun nu geus kajadian jadi nu dicaritakeunana ti ahir ka
awal. Sedengkeun alur campuran mah campur-campur bisa ditengah heula terus ka
awal atawa ka ahir.
4. Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh utama
jeung tokoh tambahan. Tokoh utama nyaéta tokoh nu sering dicaritakeun atawa
sering muncul dina caritaan sedengkeun tokoh tambahan mah dicartitakeun ngan
sakilas-sakilas.
2.3 Sumebarna Carita Pondok
Carita
pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992).
Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929).
Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti
dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu
mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930.
Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok nu mimiti dina
sastra Indonesia,
nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. Ngaran nu
ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, G.S. Ceuk R. Ero Bratakusumah, GS téh
mangrupa ngaran samaran tina G. Suwandakusuma nu kungsi jadi wadana. Sedengkeun
ceuk M.A. Salmun mah G. Sastradireja.
Karangan
wangun carpon umumna hirupna téh ku ayana majalah jeung kalawatra, lantaran
dimuatna dina éta media. Pikeun ngamalirkeun karangannana, urang Sunda
ngadegkeun majalah Papaés Nonoman (1915), Padjadjaran (1981), Volksalmanak
Sunda (1919), Pusaka Sunda (1923), jeung Sipatahunan (1923)
nu engkéna jadi surat kabar Parahiangan (1929), Panghegar (1952).
Sabada
Indonesia
merdeka mimiti harirup majalah-majalah jeung kalawatra anyar, di antarana:
1. Warga ( Bogor,
1951);
2. Sunda (Bandung,
1952);
3. Candra ( Bogor,
1954). Nomer munggaran medal bulan Mei 1954. Dihandapeun ngaranna ditulis
“Majalah Bulanan Roman Sunda Populer”. Tapi nu dimaksud roman di dieu mah
carita pondok, lain novel. Pangasuhna dicekel ku S. Eeng Natadipura, sedengkeun
rédaksina diaping ku M.A.Salmun.
4. Kujang (Bandung,
1956);
5. Manglé (Bogor,
1957);
6. Kiwari (Jakarta,
1957);
7. Sari (Bandung,
1963);
8. Langensari (Bandung, 1963);
9. Sangkuriang (Bandung, 1964);
10. Baranangsiang (Bogor, 1964). Diadegkeun ku Yayasan
Kebudayaan;
11. Campaka (Bandung,
1965) ku Yayasan Campaka. Tumpur dina taun 1967;
12. Mingguan Sunda (Bandung, 1966);
13. Kutawaringin (1966) majalah bulanan nu
diterbitkeun di Subang;
14. Wangsit nu diterbitkeun di Bandung dina bulan Ferbruari 1966 ku Yayasan
Bakti Haruman;
15. Hanjuang (1971);
16. Gondéwa (1972);
17. Giwangkara (1973);
18. Galura (1947);
19. Cupumanik (2003); jst.
Dina
usum perang mah langka jalma nu miroséa sastra. Sabada suasana karasa aman
deui, réa pangarang nu nulis deui carita pondok. Karanganana, salian ti digelar
dina majalah-majalah, aya ogé kumpulan carita pondok nu medal, di antarana:
1. Carita Biasa karangan R.A.F (Balé Pustaka,
1959). Kaldelna 119 kaca.
2. Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (Balé
Pustaka, 1960), kandelna 64 kaca.
3. Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (Balé
Pustaka, 1960) kandelna 76 kaca.
4. Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan R.A.F
(Taraté, 1961).
5. Néangan karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963)
kandelna 104 kaca.
6. Jurig karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963)
kandelna 88 kaca.
7. Béja Ti Maranéhna karangan Ki Umbara (Pusaka
Sunda, 1964).
8. Parawan karangan Yus Rusamsi (Pusaka Sunda,
1964).
9. Tamiang Meulit ka Bitis karangan Ermas,
sandiasma R.Rachmat Marta Adi Subrata (Pusaka Sunda, 1965).
10. Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana
(Pusaka Sunda, 1965).
11. Teu Tulus Paéh Nundutan karangan ki Umbara
(Pusaka Sunda, 1965).
12. Diwadalkeun ka Siluman karangan Ki Umbara
(Kiwari, 1965) kandelna 80 kaca.
13. Paséa karangan Tini Kartini, diterbitkeun ku
Cupumanik dina taun 1965.
14. Heuay karangan Eddy D. Iskandar, diterbitkeun
taun 1980.
15. Nu Teu Kungsi Kalisankeun karangan Abdullah
Mustapa, diterbitkeun taun 1981.
16. Nu Tepung di Imah Dukun karangan I.Asikin,
diterbitkeun taun 1983.
17. Nyi Karsih karangan Karna Yudibrata,
diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1984.
18. Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata,
diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985.
19. Jajten Ninggang Papastén karnagan Yus Rusyana,
diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1988.
20. Halimun Peuting karangan Iskandarwassid,
diterbitkeun ku rahmat cijulang taun 1989.
21. Jiad Ajengan (Usep romli HM, 1991).\
22. Panggung Wayang karangan Aam Amilia,
diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1992.
23. Ceurik Santri (Usep Romli, Rahmat Cijulang,
1985, 1991)
24. Mirah Dalima karangan Kis Ws, diterbitkeun ku
Girimukti Pasaka taun 1992.
25. Serat Sarwa Satwa 9Godi Suwarna, Geger Sunten,
1995).
26. Awéwé Dulang Tinandé (Caraka).
27. 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF,
diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.
28. Oknum karangan Hadi AKS, diterbitkeun ku Geger
Sunten taun 1998.
29. Nu Harayang Dihargaan karangan Darpan
Ariawinangun, taun 1998.
30. Pantun Pangrajah (Usman Supéndi, 2002).
31. Anak Jadah (Cecep Burdansyah).
32. Astrajingga Gugat (Oom Sumara de Uci).
33. Koruptor (Oom Somara de uci, 2002).
34. Anaking Jimat Awaking (Wahyu Wibisana).
35. Babu Kajajadén (Syarif Amin).
36. Lalakon Bingbang (Dian Hendrayana).
37. Paséa jeungg Nyi Karsih (Tini Kartini, 2003,
KBU).
38. Ajalna Sang Béntang Film (Duduh Durahman, 2004,
KBU).
Salian
ti kumpulan carita pondok karangan hiji pangarang, aya ogé kumpulan carita
pondok nu mangrupa antologi, di antarana:
1. Kanjutkundang dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun 1963.
2. Anting Pérak nu diterbitkeun ku Sargani Bandung,
taun 1966.
3. Carécét Sulam diterbitkeun ku Sargani taun 1966.
4. Demi pasukan diterbitkeun ku Sargani taun 1966.
5. Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Abdullah
Mustappa, Duduh Durahman, jeung Karno Kartadibrata, diterbitkeun ku Manglé taun
1983.
6. Petingan dikumpulkeun jeung disawang ku Duduh
Durahman, diterbitkeun ku Manglé taun 1984.
7. Guriang Tujuh dikumpulkeun ku Tini Kartini,
Ningrum Djulaeha, jeung Rachmat M. Sas Karana, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang
taun 1984.
8. Ti Pulpén Tepi ka Pajaratan Cinta (antalogi
carpon mini, 2002).
9. Kanagan, kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah
Uu Rukmana (Geger Sunten, 2003).
10. Campaka Mangkak (PPSS, Kiblat Buku Utama, 2003).
11. Heulang Nu Ngajak Béngbat (PPSS, KBU, 2004).
2.4
Conto Carita Pondok
Di Rumah Sakit
Karya: Yan Kusdianto
Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah
disangka meujeuhna indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa
parias. Nu sasarina dihuapan ku indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén
waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan, ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu
mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur. Dicekokan ku ubar warung téh,
weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér jigana budak téh, da
sok dibarung jeung utah-utahan sagala.
“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus
kapaciritan.
“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.
“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi, moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun jam sabelas peuting.
Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah
sakit, jadi bruder bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir
Kuda, lembur nyingkur jauh mela-melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri,
nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti anatomi. Meunang dua taun, tuluy
diangkat jadi asistén dokter.
Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya
pengobatan mah kumaha engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru –
biaya ngubaran téh waragadna tina asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih,
éstuning kajurung ku kanyaah wé indung bapana mah, sasat budak hiji-hijina.
Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas
peuting indit ti imah. Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég
ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé
antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan nyaah ka budak. Kapan biasana
ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu bébélaan ka kolot. Aya
ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.
Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui.
“Karunya budak téh, keur mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.”
Kang Jaja ngarahuh, jakétna dirungkupkeun kana sirah budak.
Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun
waé. Haneuteun ku nu gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu
pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka
rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua urang nu jaga nukangan,.
Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng ngorék komputer,
nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana mah.
Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh
ubar; ubar jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.
Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy
ngalayanan bari
semu nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua
kamar nomer lima;
kamar husus pasén barudak.
Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa.
Ngaluarkeun stetoskop, tuluy diantelkeun kana harigu budak.
“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi
Ihat nu kaweur naker.
Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah
jeung bérak. Geus disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep
meueusan, tuluy reup.
Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu
ngeusina budak satepak hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan
paling loba ku duaan, cék palaturan mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia,
palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak ngajeblag dina témbok ogé,
éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika sabondoroyot
diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.
“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.
“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.
“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja
pinuh kadeudeuh.
“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari
ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur taki-taki.
Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak
samata wayang, diparengkeun ririwit waé. Tara
parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék ayeuna katerap panyakit
nu rada pikahariwangeun téh.
“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun
nanya.
“Saurna mah muntabér.”
“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna
diopnameu téh.
“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.
“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah
kapas kénéh, turug-turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah
langganan kitu?”
“Komo murangkalih abdi mah Pa.”
Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong. “Murangkalih abdi mah, meus-meus
tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo askés, nya? Atuh raos, abdi
mah teu kénging diskon-diskon acan.”
“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah
ku nu patén waé.” Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.
Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun
jeung nu dipeuntas Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan.
Beuki dieu beuki raéng, sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi
gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja
nyambat budakna bari
semu handeudeul. Teu lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas
méncrét waé jigana mah, da bangun nu leuleus naker katempona.
Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang
Jaja tuluy kaluar ti rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék
ménta dipindahkeun. Geus ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si
Adun téh. Kabeneran Adun karék kaluar ti rohang operasi.
“Dun!” Kang Jaja ngageroan.
“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu
reuwas.
“Si Uji ieu téh, gering!”
“Gering naon kitu?”
”Muntabér.”
“Dimana dirawatna?”
“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun
waé ka Kelas hiji mun bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan
manéh. Tulungan atuh lah!”
“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy
gura-giru nguruskeun. Meunang sapuluh menit, jol deui.
“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.
“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir
tandatangankeuneun.
”VIP?”
“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék
mindahkeun budak.
“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak
téh teu bisa saré waé. Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna
téh teu pararuguh.”
Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan.
Tumaninah ayeuna mah, jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah
fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV, Kamar cai balersih, Full AC deuih.
Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari mencét bél, teu burung
suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari
imut, manis pisan.
Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa
dipungkir. Budak téh teu dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun
ogé. Cageur henteu, parna teuing henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana
genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang Jaja. Geus aya samingguna kaya
kieu téh.
Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu.
Béakna mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar
buah nginum susu téh, der kalah beuki muncrut.
Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh
lalaki, umurna sapantaran jeung nu ngalempréh.
“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”
“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka
bisa diperenahkeun di dieu.”
“Sadintenna séép sabaraha kitu?”
“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati
gogodeg.
“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling.
“Tuh! TV aya, kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka
budakna.
“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.”
Cék budak bari
ngajéjéwang daster indungna.
BAB III
PANUTUP
3.1
Pamungkas
Carita
pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992).
Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal
(1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon.
Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon
anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun
1930.
Carpon
mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng,
lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta
carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok,
jumlah kecapna: 5000-10000 kecap.
Unsur intrinsik nu aya di sajeroning carpon saperti téma,
latar, alur, jeung penokohan.
1. Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita
2. Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat
jeung latar waktu.
3. Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur,
jeung alur mobok tengah atawa campuran Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh
utama jeung tokoh tambahan.
3.2
Saran
Kasadayna
urang sunda ti ayeuna hayu urang sadayana mikawanoh kana sadayana kasusastraan
sunda hususna ngenaan carita pondok, sangkan ieu carita pondok teh tiasa
lestari tur di pikawanoh ku sadayana urang sunda ti budak, ramaja nepika kolot.
DAPTAR PUSTAKA
Ristiani Iis. S. Pd. M.Pd. Pengantar Materi Basa dan Sastra sunda
I. Cianjur. FKIP UNSUR Cianjur.